
27/02/2024
Sampurasun wargi sadaya...
Mugia baraya sadaya aya dina kasehatan kasalametan tur kabarokahan.
Dina sasih sya'ban iyeu hayu urang sasarengan ngarawat kaimanan, ngajaga kataqwaan sareng nyeeurkeun midambel kasaean.
Margi naon?
Margi dina sasih iyeu sasih anu pinuh ku barokah, pinuh ku rohmat sareng panghampura Allah Swt.
Hayu jaga pepelakan ku kagiatan kagiatan anu sae, anu matak tambah tambah kana ganjaran.
Oge seja pangulem kasadayana dina laraga imtihan sinareng rajaban
Kangge waktosna dina dinten jumat malem sabtu ping 01 Maret /20 sya'ban 2024 M/1445 H.
Anu insyaallah kadongkapan ustad eef saepul anwar almaghribi (pondok pesantren an nur sukajadi bandung)
Mugia tiasa nyempetkeun waktosna.