Teks ceramah bahasa sunda

Teks ceramah bahasa sunda Contact information, map and directions, contact form, opening hours, services, ratings, photos, videos and announcements from Teks ceramah bahasa sunda, Media, Cianjur Dua.

09/10/2024
21/01/2024

Assalamualaikum Wr. Wb.

Puji sinareng syukur hayu urang panjatkeun ka hadirat Allah SWT. anu parantos maparin ni’mat ka urang sadaya, dugi ka tiasa ngumpul di ieu tempat, insya Allah aya dina panangtayungan-Na.

Sholawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.

Ibu" bapak" nu ku simkuring dipihormat

Dina kasempetan ieu sim kuring baris ngadugiken ngeunaan perkawis kabersihan. Alloh SWT mikanyaah ka jalma-jalma anu beresih jeung beresih sagala anu aya dina diri.

Ku kituna hayu urang mimitian ngajaga kabersihan demi nyiptakeun lingkungan kasalametan sareng kasaéan ningkatken kasehatan,
Dina hadits diterangkeun:

النَّظَافَةُ مِنَ اْلإِيْمَان
Hartosna“kabersihan teh bagian tina iman”.

Ngajaga kabersihan, tangtu dimimitian ku diri urang sorangan.

Lamun urang ngalakuken kabiasaan ngajaga kabersihan, tangtu loba jalma nu bakal ningali jeung niru, mimitian ku urang contoan ka anak urang, atanapi ka sha wae anu pang deketna hla jeng diri urg.

Ku kituna, hayu urang sami sami ningkatken kasadaran kumaha pentingna ngajaga kabersihan ti leuleutik.

Ibu ibu bapak bapak nu ku simkuring dipihormat

Henteu ngan ukur ngajaga kabersihan diri, kabersihan lingkungan ogé kedah diperhatikeun, pentingna ngajaga lingkungan anu bersih sareng nyaman pikeun hirup.

Ngajaga kabersihan lingkungan bisa dimimitian ti hal nu pangleutikna, contona nyaeta miceun runtah Kana tempatna,sok sanajan dilakonan na gampang, tapi masih keneh seer anu te sadar bahwa kabiasaan leutik eta TOS pasti nimbulken permasalahan, akibatna kasehatan ka ganggu, kaindahan lingkungan ka kotoran cai walungan ka cemaran jeng sajabana, NU matak penting pikeun urang salaku generasi ngora pikeun ngalakukeun parobahan ka masarakat luas ngeunaan kumaha pentingna ngajaga kabersihan, utamana kabersihan lingkungan ku cara teu miceun runtah.

Bapak-bapak, nu ku simkuring dipihormat

Sakitu anu tiasa didugikeun, hapunten upami aya kecap-kecap anu kirang merenah.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

21/02/2023

Teks emci muhadoroh
Urng tiasa dei kumpul ngariung ngalaksanaken kabiasaan Dina dua Minggu sakali nyaeta sok ngayaken muhadrohan anu mana iyeu acara teh disusun ku sababaraha acara NU Kahiji pembukaan pembacaan ayat suci Al-Quran ceramah Tahfiz sareng NU terakhir doa tutup.
Ku hal sakitu hayu urang sami2 buka iyeu acara ku ngaosken suroh alfatihah bibarokati umul quran alfatihah....
Alhamdulillah acara nukahiji parantos di laksanakan ayeuna lajeng ka acara NU kadua nyaeta pembacaan ayat suci Al Quran anu Bade di bacaken ku Al Mukarom ti palih wetan waktos sinareng tempat nyanggaken ka mantena....
Alhamdulillah pembacaan ayat suci Alqur'an
Parantos di kapayunken anu mudah mudahan kaberkahanana dugi ka urang sadayana hente matak nyontang Kanu ngaoskena, amin ya Allah ya robbal"Al-Amin
Lajeng ka acara NU ka tilu nyaeta tahfidz anu mana iyeu pembacaan tahfidz teh Bade di di sanggaken ka almukarom tipalih kulon mangga waktos sinareng tempat nyanggaken ka mantena.....
Alhamdulillah acara tahfidz parantos di kapayunken, urang lajengken wae Kana acara inti nyaeta tabligul islamiah, mangga siapken kupingna regeupken papatahna muga napel Kana jiwa sinareng raga, anu mana iye tablig teh baris di dugiken ku pangersana akang ti palih wetan alwaktu wal makan tafadhol bilhurmat....
Alhamdulillah acara demi acara parantos dilaksanaken, anu sakitu eces jentre kalawan pertelana, mugia ku wasilahna iyeu perayaan tiasa ngajantenken pangrobah ka urang sadaya, sareng memperbaik kualitas ibadah urang ka Allah SWT,anu pamudah mudahan ageung manfaatna, khusus kangge dirina umuman ka urang sadayana....amin
Urang lajengken dei Kana doa tutup, anu mana Bade di pimpin ku guru urang sadaya ku kersana?....mangga waktos sinareng tempat nyanggaken ka mantena.....
Alhamdulillah acara ti Kawit dugika akhir parantos dilaksanaken, sateacan SIM abdi undur tina iyeu tempat sim abdi nyhunken heula di hapunten bilih sinareng bisi Aya kalepatan Dina ngajalanken tugas, SIM abdi nyhunken ageung" pangapunten

Address

Cianjur Dua

Telephone

+6283147457827

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Teks ceramah bahasa sunda posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share

Category